Rabu, 06 April 2011

Sasakala Burungnyangku

Ku: Henda Hendrayana


Bismillah pamuka lawang carita, rumasa diri teh dihirupkeun ku Alloh nu Maha Goffur. Nyukcruk galur nu kapungkur mapag carita baheula.
Kacatur di hiji pilemburan,hiji dayeuh ni tiis tingtrim rahayatna nu jembar ku pakaya. Eta Pilemburan teh digeugeuh ku hiji pupuhu desa atawa kuwu nu kamasyur kakoncara kamana-mana ku kabeungharannana, nincak kana paribasa beurat beunghar, dunyana bru dijuru bro dipanto ngalayah di tengah imah.

Sok sanajan kitu sifat manusa kaancikan napsu nu ngagugudug , rasa nu teu bisa dipopondah, aya gerentes hate haying kahiji wanoja. Padahalmah kudu kumaha bojo nu tos aya geus jadi sabiwir hiji ku kageulisannana, nincak kana babasan geulis kawanti wanti endah kabina – bina, kasolehanana eta istri kuwu teh tos teu bireuk di eta pilemburan mah.

Kuwu nu kabungbulengan ku wanoja teh unggal poe nu dipicangcam beurang peuting ngan eta wanoja bae, teu kitu kumaha da puguh eta wanoja teh geulis lain meunang meuli ,halis ngajeler paeh, tarang teja mentrangan, pipi ngadaun seureuh, gado endog sapotong, waosna gula gumantung.

Hiji mangsa eta kuwu nyarios ka bojona “ Geulis pupujaning ati, akang nyuhunkeun widi, akang teh resep ka hiji wanoja urang sisi, akang aya niat migarwa eta wanoja. Jigana mun teu laksana ngadahup ka eta wanoja akang bakal paeh ngajampana bugang,”

Bojona kuwu ngahuleng, tapi teu lami ku kasolehanana salaku nu jadi garwa, tur surti kana kahoyong caroge tuluy anjeuna nyaur “ Kakang sumangga rayi moal ngahalang halang,caang bulan opat welas bersih jalan sasapuan, ikhlas rido kakang bade gaduh garwa deui, nanging aya saratna” Kuwu kacida bungahna ngadangu kasauran istrina pok naros deui ‘”Naon saratna geulis” Istri kuwu ngawaler deui “ kieu saratna kang, sawah nu sabau, bengkok akang nu di blok pakuwon geura tanduran ku wanoja anu dipikahoyong ku akang tea, kedah rengse ti isuk nepi ka sore, teu beunang aya nu mantuan ku saha wae oge”.  Kuwu naros deui “Mung eta saratna geulis?” “ Muhun kang” waler garwana.

Pondokna carita eta wanoja nedunan pamenta bojona kuwu,isukna eta wanoja nanduran sawah nu sabau tea. Namung geus datang kana titis tulis bagja diri, takdir teu beunang di pungkir kadar teu beunang di singular,tacan oge lekasan tandur, eta wanoja the pupus dipundut kunu rahayu dicandak kunu kawasa di tengah kotakan sawah.
Atuh ibur salelembur, ear sadesa, rahayat geunjleung, cenah “ Kuwu twu tulus nyandung da wanojana palastra na kotakan sawah.

Ti harita eta kotakan di sebut kotakan burung nyandung nepi ka kiwari.
Layon eta wanoja dibantun ka lemburna, dikurebkeun di sisi pilemburan.
Kacatur eta wanoja boga dayang nu satuhu ka dunungan,ceurik balilihan. “ Juragan ieu abdi bade sareng saha juragan ngantunkeun mah, ieu abdi asa kabedil langit kabentar gelap, hapunten abdi teu tiasa ngabantos juragan nanduran sawah” Kacatur eta dayang cuerik balilihan beurang peuting.

Lembur tempat wanoja dikurebkeun nelah lembur burung nyandung, pikeun pangeling-ngeling eta lembur disebutna lain burung nyandung tapi  Burunyangku,nepi ka kiwari. Ari tempat dayang ceurik nelahna reuma dayang nepi ka kiwari.
Ari pernahna eta kampong masih kaasup wewengkon Desa Jambar.Ti harita cenah rahayat Jambar mah mun nyandung sok burung wae atawa teu bener wae.
Cag tunda carita nu baheula pikeun eunteung ka urang sadaya, sihoreng hirup teh mun ngalajur napsu badan anu katempuhan. Caaaag.

Minggu, 03 April 2011

Sejarah Kuningan

Pertama kali diketahui Kerajaan Kuningan diperintah oleh seoran raja bernama Sang Pandawa atau Sang Wiragati. Raja ini memerintah sejaman dengan masa pemerintahan Sang Wretikandayun di Galuh (612-702 M). Sang Pandawa mempunyai putera wanita bernama Sangkari. Tahun 617 Sangkari menikah dengan Demunawan, putra Danghyang Guru Sempakwaja, seorang resiguru di Galunggung. Sangiyang Sempakwaja adalah petera tertua Wretikandayun, raja pertama Galuh. Demunawan inilah yang disebutkan dalam tradisi lisan masyarakat Kuningan memiliki ajian dangiang kuning dan menganut agama sanghiyang.
Meskipun Kuningan merupakan kerajaan kecil, namun kedudukannya cukup kuat dan kekuatan militerna cukup tangguh. Hal itu terbukti dengan kekalahan yang diderita pasukan Sanjaya (raja galuh) ketika menyerang Kuningan. kedatangan Sanjaya beserta pasukannya atas permintaan Dangiyang Guru Sempakwaja, besan sang Pandawa dengan maksud untuk memberi pelajaran terhadap Sanjaya yang bersikap pongah dan merasa diri paling kuat. Sanjaya adalah cicit Sang Wretikandayun, melalui putranya Sang Mandiminyak yang menggantikannya sebagai raja galuh (703-710) dan cucunya Sang Sena yang menjadi raja berikutnya (710-717).
Di Kerajaan Galuh terjadi konflik kepentingan, sehingga Resi Guru Sempakwaja mengambil keputusan. Diantaranya menempatkan Sang Pandawa menjadi guru haji (resiguru) di layuwatang (sekarang tempatnya di Desa Rajadanu Kecamatan Japara). Sedangkan kedudukan kerajaan digantikan Demunawan dengan gelar Sanghiyangrang Kuku, tahun 723.
Masa pemerintahan Rahyangtang Kuku, diberitakan bahwa ibu kota Kerajaan Kuningan ialah Saunggalah. Lokasinya diperkirakan berada di sekitar Kampung Salia, sekarang termasuk Desa Ciherang Kecamatan Nusaherang. Seluruh wilayahnya meliputi 13 wilayah diantaranya Galunggung, Layuwatang, Kajaron, Kalanggara, Pagerwesi, Rahasesa, Kahirupan, Sumanjajah, Pasugihan, Padurungan, Darongdong, Pegergunung, Muladarma dan Batutihang.
Tahun 1163-1175, Kerajaan Saunggalah terungkap lagi setelah tidak ada catatan paska Demunawan. Saat itu tahta kerajaan dipegang oleh Rakean Dharmasiksa, anak dari Prabu Dharmakusumah (1157-1175) seorang raja Sunda yang berkedudukan di Kawali. Rakean Dharmasiksa memerintah Saunggalah menggantikan mertuanya, karena ia menikan dengan putri Saunggalah.
Namun Rakean Dharmasiksa tidak lama kemudian menggantikan ayahnya yang wafat tahun 1175 sebagai raja Sunda. Sedangkan kerajaan Saunggalah digantikan puteranya yang bernama Ragasuci atau Rajaputra. Sebagai penguasa Saunggalah, Ragasuci dijuluki Rahyantang Saunggalah (1175-1298). Ia memeristri Dara Puspa, putri seorang raja Melayu.
Tahun 1298, Ragasuci diangkat menjadi Raja Sunda menggantikan ayahnya dengan gelar Prabu Ragasuci (1298-1304). Kedudukannya di Saunggalah digantikan puteranya bernama Citraganda. Pada masa kekuasaan Ragasuci, wilayah kekuasaannya bertambah meliputi Cipanglebakan, Geger Gadung, Geger Handiwung, dan Pasir Taritih di Muara Cipager Jampang.
Masa Keadipatian
Berdasarkan tradisi lisan, sekitar abad 15 Masehi di daerah Kuningan sekarang dikenal dua lokasi yang mempunyai kegiatan pemerintahan yaitu Luragung dan Kajene. Pusat pemerintahan Kajene terletak sekarang di Desa Sidapurna Kecamatan Kuningan. saat itu, Luragung dan Kajene bukan lagi sebuah kerajaan tapi merupakan buyut haden. Masa ini, dimulai dengan tampilnya tokoh Arya Kamuning, Ki Gedeng Luragung dan kemudian Sang Adipati Kuningan sebagai pemipun daerah Kajene, Luraugng dan kemudian Kuningan.
Mereka secara bertahap di bawah kekuasaan Susuhunan Jati atau Sunan Gunung Djati (salah satu dari sembilan wali, juga penguasa Cirebon). Tokoh Adipati Kuningan ada beberapa versi. Versi pertama Sang Adipati Kuningan itu adalah putera Ki Gedeng Luragung (unsur lama). Tetapi kemudian dipungut anak oleh Sunan Gunung Djati (unsur baru).
Dia dititipkan oleh aya angkatnya kepada Arya Kamuning untuk dibesarkan dan dididik. Kemudian menggantikan kedudukan yang mendidiknya. Versi kedua, Sang Adipati Kuningan adalah putera Ratu Selawati, keturunan Prabu Siliwangi (unsur lama), dari pernikahannya dengan Syekh Maulanan Arifin (unsur baru). Disini jelas terjadi kearifan sejarah.
Berdasarkan Buku Pangaeran Wangsakerta yang ditulis abad ke 17, Sang Adipati Kuningan yang berkelanjutan penjelasanya adalah berita yang menyebutkan tokoh ini dikaitkan dengan Ratu Selawati. Bahwa agama Islam menyebar ke Kuningan berkat upaya Syek Maulana Akbar atau Syek Bayanullah. Dia adalah adik Syekh Datuk Kahpi yang bermukim dan membuka pesantren di kaki bukit Amparan Jati (sekarang Cirebon).
Syekh Maulana Akbar membukan pesantren pertama di Kuningan yaitu di Desa Sidapurna sekarang, ibu kota Kajene. Ia menikah dengan Nyi Wandansari, putri Surayana. Ada pun Surayana adalah putra Prabu Dewa Niskala atau Prabu Ningrat Kancana, Raja Sunda yang berkedudukan di Kawali (1475-1482) yang menggantikan kedudukan ayahnya Prabu Niskala Wastu Kancana atau lebih dikenal dengan sebutan Prabu Siliwangi.
Dari pernikahan dengan Nyi Wandansari berputra Maulana Arifin yang kemudian menikah dengan Ratu Selawati. Ratu Selawati bersama kakak dan adiknya yaitu Bratawijaya dan Jayakarsa adalah cucu Prabu Maharaja Niskala Wastu Kancana atau Prabu Siliwangi. Bratawijaya kemudian memimpin di Kajene dengan gelar Arya Kamuning. Sedangkan Jayaraksa memimpin masyarakat Luragung dengan gelar Ki Gedeng Luragung.
Mereka bertiga, yakni Ratu Selawati, Arya Kamuning (Bratawijaya), Ki Gedeng Luragung (Jayaraksa) diIslamkan oleh uwaknya yakni Pangeran Walangsungsang. Adapun Sang Adipati Kuningan yang sesungguhnya bernama Suranggajaya adalah anak dari Ki Gedeung Luragung (namun hal itu masih merupakan babad peteng atau masa kegelapan yang sampai saat ini tidak diketahui kebenarannya sesungguhnya anak siapa Sang Adipati Kuningan).
Atas prakarsa Sunan Gunung Djati dan istrinya yang berdarah Cina Ong Tin Nio yang sedang berkunjung ke Luragung, Suranggajaya diangkat anak oleh mereka. Tetapi pemeliharaan dan pendidikannya dititipkan pada Arya Kamuning. Sedangkan Arya Kamuning sendiri dikabarkan tidak memiliki keturunan. Akhirnya Suranggajaya diangkat jadi adipati oleh Susuhunan Djati (Sunan Gunung Djati) menggantikan bapak asuhnya.
Penobatan ini dilakukan pada tanggal 4 Syura (Muharam) Tahun 1498 Masehi. Penanggalan tesebut bertempatan dengan tanggal 1 September 1498 Masehi. Sejak tahun 1978, hari pelantikan Suranggajaya menjadi Adipati Kuningan itu ditetapkan sebagai Hari Jadi Kuningan sampai sekarang.***

WEJANGAN KARUHUN JAMBAR

Ku: MAMAN, S.Pd, M.Ed




WEJANGAN KARUHUN JAMBAR: "Anak Incu urang jambar sing tiasa ngaraksa Gunung Luhur sabab perlambang urang Jambar Luhur Darajatna. Peupeujeuh suluhna ulah di alaan, Kalongna ulah ditembakan. Hukumna PAMALI, anu ngalanggar bakal keuna ku SUPATA."

Babasan & Paribasa

Ungkara basa nu geus matok make harti injeuman. Biasana dina wangun kecap kantetan. 
Ungkara basa nu geus matok, saeutik patri, mangrupa siloka lakuning hirup. Biasana dina wangun kalimah. 
  

Babasan
Ungkara basa nu geus matok make harti injeuman. Biasana dina wangun kecap kantetan.
  • Adigung adiguna: Gede hulu boga rasa leuwih ti batur. Kaciri dina laku lampahna jeung omonganana
  • Ngadu angklung: Parea-rea omong nu taya gunana
  • Along-along bagja: Teu tulus meunang kabagjaan
  • Kurung batok: Teu resep nyanyabaan, nimat cicing di imah bae
  • Bungbulang tunda: Tunda talatah, lamun dititah tara sok pek ku maneh tapi sok nitah deui ka batur
  • Cukup belengur: Resep mere ka batur bari teu ngingetkeun kaperluan sorangan
  • Deugdeug tanjeuran : Pada ngadeugdeug sabab jadi tongtonan, ku tina pinterna dina kasenian. Misilna: pinter ngawih, ngacapi, nyuling, jst
  • Galagah kacaahan: Ngalajur napsu kabawa ku batur
  • Galak sinongnong: Mimiti aya sir ka awewe, can wani adu hareupan
  • Harewos bojong: Omongan anu diharewoskeun tapi kadenge ku nu deukeut ka nu diharewosanana

Paribasa
Ungkara basa nu geus matok, saeutik patri, mangrupa siloka lakuning hirup. Biasana dina wangun kalimah.
  • Abong biwir teu diwengku: Sagala dicaritakeun henteu jeung jeujeuhan
  • Asa ditonjok congcot: Ngarasa atoh dumeh meunang kabungah anu teu disangka-sangka
  • Bilatung ninggang dage: Jalma teu jujur meunang kalungguhan anu nguntungkeun keur dirina
  • Cadu mungkuk haram dempak: Sumpah yen bener-bener embung, atawa moal ngalampahkeun salah sahiji perkara
  • Daek macok embung dipacok: Daek menta embung dipenta, daek dibere embung mere
  • Endog mapatahan hayam: Jelema sahandapeun mapatahan ka saluhureun
  • Genteng-genteng ulah potong: Sanajan hasilna teu sabaraha, keun bae, tinimbang luput
  • Hantang, hantung, hantigong, hantriweli: Kalah ka hade basa hade rupa, hade gogog hade tagog, tapi taya araheunana
  • Indit sirib anak-ewe: Indit sarerea, anak incu jeung baraya
  • Jojodog unggah ka salu: Ngeunaan awewe anu tadina urut badega jadi patih goah (pamajikan) dunungan

Pigur Urang Kuningan

Prof. Dr. H. Moh. Surya
Lahir di Kuningan, 8 September 1941, Sakola ngawitan di SR Citangtu, Kuningan (1948-1954), teras di SGB Kuningan (1945-1958), salajengna di SGA Kuningan (1959-1962), IKIP Bandung taun 1962-1965, 1966-1968 sareng taun 1975-1979. 
Pendidikan sanesna diantawisna Pendidikan Kesehatan Jiwa (Departemen Kesehatan Bandung) taun 1969, Educational Innovation and Technologies (INNOTECH-SEAMEO) Manila-Filipina taun 1974, Educational Vocational Guidance (UNESCO) Santa Barbara-USA taun 1979, Integrated Primary Curriculum (UNESCO) Seoul, Korea Selatan taun 1980, Union Educator (ILO) Australia taun 1982, Pendidikan Jarak Jauh (East West Center) Jakarta taun 1983, Value Education (INNOTECH-SEAMEO) Manila-Filipina taun 1985, Educational Counseling (Bank Dunia) Columbus, Ohio-USA taun 1986-1987, Educational Technology Communication (Bank Dunia) Bloomington Indian, USA taun 1989, 
Kantos janten Guru SD di SD Citangku Kuningan taun 1958-1962, Guru SMA/SPG di SMA Negeri 2 Bandung/SPG Pasundan taun 1966-1963, Dosen di IKIP Bandung (UPI) taun 1966-kiwari, Kepala Unit Program Belajar Jarak Jauh (UPBJJ) Universitas Terbuka Bandung taun 1984-1994, Dosen Tamu di Universitas Brunei Darussalam taun 1994-1996, Anggota DPRD Tk.I Propinsi Jawa Barat taun 1997-1999, Anggota Komisi Pemeriksa Kekayaan Penyelenggara Negara (KPKPN) taun 2001-2004, Pembantu Dekan Fakultas Ilmu Pendidikan IKIP Bandung taun 1977-1980, Ketua Jurusan Jurusan Psikologi Pendidikan, IKIP Bandung taun 1980-1989, Kiwari janten anggota DPD RI ngawakilan Propinsi Jawa Barat. 
Kengeng sababaraha hiji panghargaan, diantawisna:
  1. Satya Lencana Dwidya Sistha (Departemen Hankam RI) 1989
  2. Satya Lencana Dwidya Sistha (Departemen Hankam RI) 1990
  3. Piagam Penghargaan (Pangdam III Siliwangi) 1991
  4. Karya Bhakti Satya (Rektor IKIP Bandung) 1991
  5. Satya Lencana Karya Satya 30 th (Presiden RI) 1997
  6. Penghargaan sebagai Tokoh Pendidikan (Gubernur Jawa Barat) 2001
  7. Karya Bhakti Satya (Rektor UPI Bandung) 2003
  8. Medali Juang 45 (DHN Angkatan 45) 2004