Minggu, 03 April 2011

Babasan & Paribasa

Ungkara basa nu geus matok make harti injeuman. Biasana dina wangun kecap kantetan. 
Ungkara basa nu geus matok, saeutik patri, mangrupa siloka lakuning hirup. Biasana dina wangun kalimah. 
  

Babasan
Ungkara basa nu geus matok make harti injeuman. Biasana dina wangun kecap kantetan.
  • Adigung adiguna: Gede hulu boga rasa leuwih ti batur. Kaciri dina laku lampahna jeung omonganana
  • Ngadu angklung: Parea-rea omong nu taya gunana
  • Along-along bagja: Teu tulus meunang kabagjaan
  • Kurung batok: Teu resep nyanyabaan, nimat cicing di imah bae
  • Bungbulang tunda: Tunda talatah, lamun dititah tara sok pek ku maneh tapi sok nitah deui ka batur
  • Cukup belengur: Resep mere ka batur bari teu ngingetkeun kaperluan sorangan
  • Deugdeug tanjeuran : Pada ngadeugdeug sabab jadi tongtonan, ku tina pinterna dina kasenian. Misilna: pinter ngawih, ngacapi, nyuling, jst
  • Galagah kacaahan: Ngalajur napsu kabawa ku batur
  • Galak sinongnong: Mimiti aya sir ka awewe, can wani adu hareupan
  • Harewos bojong: Omongan anu diharewoskeun tapi kadenge ku nu deukeut ka nu diharewosanana

Paribasa
Ungkara basa nu geus matok, saeutik patri, mangrupa siloka lakuning hirup. Biasana dina wangun kalimah.
  • Abong biwir teu diwengku: Sagala dicaritakeun henteu jeung jeujeuhan
  • Asa ditonjok congcot: Ngarasa atoh dumeh meunang kabungah anu teu disangka-sangka
  • Bilatung ninggang dage: Jalma teu jujur meunang kalungguhan anu nguntungkeun keur dirina
  • Cadu mungkuk haram dempak: Sumpah yen bener-bener embung, atawa moal ngalampahkeun salah sahiji perkara
  • Daek macok embung dipacok: Daek menta embung dipenta, daek dibere embung mere
  • Endog mapatahan hayam: Jelema sahandapeun mapatahan ka saluhureun
  • Genteng-genteng ulah potong: Sanajan hasilna teu sabaraha, keun bae, tinimbang luput
  • Hantang, hantung, hantigong, hantriweli: Kalah ka hade basa hade rupa, hade gogog hade tagog, tapi taya araheunana
  • Indit sirib anak-ewe: Indit sarerea, anak incu jeung baraya
  • Jojodog unggah ka salu: Ngeunaan awewe anu tadina urut badega jadi patih goah (pamajikan) dunungan

Tidak ada komentar: