Rabu, 06 April 2011

Sasakala Burungnyangku

Ku: Henda Hendrayana


Bismillah pamuka lawang carita, rumasa diri teh dihirupkeun ku Alloh nu Maha Goffur. Nyukcruk galur nu kapungkur mapag carita baheula.
Kacatur di hiji pilemburan,hiji dayeuh ni tiis tingtrim rahayatna nu jembar ku pakaya. Eta Pilemburan teh digeugeuh ku hiji pupuhu desa atawa kuwu nu kamasyur kakoncara kamana-mana ku kabeungharannana, nincak kana paribasa beurat beunghar, dunyana bru dijuru bro dipanto ngalayah di tengah imah.

Sok sanajan kitu sifat manusa kaancikan napsu nu ngagugudug , rasa nu teu bisa dipopondah, aya gerentes hate haying kahiji wanoja. Padahalmah kudu kumaha bojo nu tos aya geus jadi sabiwir hiji ku kageulisannana, nincak kana babasan geulis kawanti wanti endah kabina – bina, kasolehanana eta istri kuwu teh tos teu bireuk di eta pilemburan mah.

Kuwu nu kabungbulengan ku wanoja teh unggal poe nu dipicangcam beurang peuting ngan eta wanoja bae, teu kitu kumaha da puguh eta wanoja teh geulis lain meunang meuli ,halis ngajeler paeh, tarang teja mentrangan, pipi ngadaun seureuh, gado endog sapotong, waosna gula gumantung.

Hiji mangsa eta kuwu nyarios ka bojona “ Geulis pupujaning ati, akang nyuhunkeun widi, akang teh resep ka hiji wanoja urang sisi, akang aya niat migarwa eta wanoja. Jigana mun teu laksana ngadahup ka eta wanoja akang bakal paeh ngajampana bugang,”

Bojona kuwu ngahuleng, tapi teu lami ku kasolehanana salaku nu jadi garwa, tur surti kana kahoyong caroge tuluy anjeuna nyaur “ Kakang sumangga rayi moal ngahalang halang,caang bulan opat welas bersih jalan sasapuan, ikhlas rido kakang bade gaduh garwa deui, nanging aya saratna” Kuwu kacida bungahna ngadangu kasauran istrina pok naros deui ‘”Naon saratna geulis” Istri kuwu ngawaler deui “ kieu saratna kang, sawah nu sabau, bengkok akang nu di blok pakuwon geura tanduran ku wanoja anu dipikahoyong ku akang tea, kedah rengse ti isuk nepi ka sore, teu beunang aya nu mantuan ku saha wae oge”.  Kuwu naros deui “Mung eta saratna geulis?” “ Muhun kang” waler garwana.

Pondokna carita eta wanoja nedunan pamenta bojona kuwu,isukna eta wanoja nanduran sawah nu sabau tea. Namung geus datang kana titis tulis bagja diri, takdir teu beunang di pungkir kadar teu beunang di singular,tacan oge lekasan tandur, eta wanoja the pupus dipundut kunu rahayu dicandak kunu kawasa di tengah kotakan sawah.
Atuh ibur salelembur, ear sadesa, rahayat geunjleung, cenah “ Kuwu twu tulus nyandung da wanojana palastra na kotakan sawah.

Ti harita eta kotakan di sebut kotakan burung nyandung nepi ka kiwari.
Layon eta wanoja dibantun ka lemburna, dikurebkeun di sisi pilemburan.
Kacatur eta wanoja boga dayang nu satuhu ka dunungan,ceurik balilihan. “ Juragan ieu abdi bade sareng saha juragan ngantunkeun mah, ieu abdi asa kabedil langit kabentar gelap, hapunten abdi teu tiasa ngabantos juragan nanduran sawah” Kacatur eta dayang cuerik balilihan beurang peuting.

Lembur tempat wanoja dikurebkeun nelah lembur burung nyandung, pikeun pangeling-ngeling eta lembur disebutna lain burung nyandung tapi  Burunyangku,nepi ka kiwari. Ari tempat dayang ceurik nelahna reuma dayang nepi ka kiwari.
Ari pernahna eta kampong masih kaasup wewengkon Desa Jambar.Ti harita cenah rahayat Jambar mah mun nyandung sok burung wae atawa teu bener wae.
Cag tunda carita nu baheula pikeun eunteung ka urang sadaya, sihoreng hirup teh mun ngalajur napsu badan anu katempuhan. Caaaag.

2 komentar:

Maman MEd mengatakan...

Teu tulus nyandung saluyu jeung ngaran kotakan buruyandung, tapi jeung ngaran burunyangkmah asanateh tacan pas

Anonim mengatakan...

peryogi sejarah jambarna teu ..?